Ads 468x60px

Kamis, 11 Juli 2013

Pancakaki



Pancakaki

Pancakaki

Pancakaki téh nyaéta perenahna jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.
  1. Rundayan atawa Turunan
  2. - anak => turunan kahiji. 
    - incu => turunan kadua, anakna anak. 
    - buyut => anak incu. 
    - bao => anakna buyut. 
    - janggawaréng atawa canggahwaréng => anakna bao. 
    - udeg-udeg => anak janggawaréng
    - kait siwur atawa gantungsiur=> anak udeg-udeg.
  3. Ka luhur
  4. - bapa => lalaki nu boga anak, salaki indung. 
    - indung => awéwé nu boga anak, pamajikan bapa. 
    - aki => bapana indung atawa bapa. 
    - nini => indungna indung atawa bapa. 
    - buyut => indung/bapana aki atawa nini. 
    - bao => indung/bapana buyut. 
    - janggawaréng => indung/bapana bao. 
    - udeg-udeg => indung/bapana janggawaréng
    - kaitsiwur atawa gantungsiur => indung/bapana udeg-udeg.
  5. Ka gigir
  6. - adi => dulur sahandapeun 
    - lanceuk => dulur saluhureun. 
    - emang/paman => adina bapa atawa indung (lalaki), 
    - bibi => awéwé adina bapa atawa indung. 
    - ua => lanceuk bapa atawa indung. 
    - alo => anak lanceuk. 
    - toa => anak adi. 
    - kapiadi => anakna emang/bibi. 
    - kapilanceuk => anakna ua. 
    - incu ti gigir => incuna adi 
    - aki ti gigir => lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini. 
    - nini ti gigir => awéwé, adina atawa lanceukna aki/nini. 
    - ua ti gigir => anakna lanceuk aki/nini. 
    - emang ti gigir => anakna adi aki/nini (lalaki) 
    - bibi ti gigir => awéwé, anakna adi aki/nini.
  7. Istilah Séjénna
  8. - adi beuteung => adina pamajikan/salaki. 
    - dulur sabrayna => dulur misan, anak paman, bibi, atawa ua.
     - dulur teges => dulur enya, saindung, sabapa. 
    - indung téré => pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang. 
    - bapa téré => salaki indung, lain anu ngalantarankeun urang lahir. 
    - anak téré => anak sampakan ti salaki atawa pamajikan. 
    - dulur patétéréan => anak indung atawa anak bapa téré. 
    - cikal => anak panggedéna. 
    - pangais bungsu => lanceukna bungsu. 
    - bungsu => anak pangleutikna. 
    - baraya laér => baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna. 
    - teu hir teu walahir => teu baraya saeutik-eutik acan. 
    - bau-bau sinduk => baraya kénéh, sanajan geus laér. 
    - dulur pet ku hinis => dulur teges. 
    - baraya => sakur nu aya pancakakina. 
    - karuhun => luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lila heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang.

0 komentar:

 
Pasang Widget Blogger Cikadueun Di Blog
Widget Blogger Cikadueun